Toponimi Cianjur

BAB I

TOPONIMI

a. Watesan Toponimi

Mang Ayat (Prof. Dr. Ayat Rohedi) suwargi kungsi ngaindonesiakeun istilah toponimi jadi wiyaloka. Hartinamah eta-eta keneh, nyeta elmu ngenaan asal-usul ngaran patempatan. Toponimiteh bagian tina anomastika-aya deui nu nyebut anomastika (onomastics)-. Nyaeta elmu ngenaan sejarah ngaran.

Pikeun ngaguar ieu perkara, tangtu wae kudu weweg elmuna, teu kaci ari ningalina ngan tina hiji aspekmah. Malahmah kudu terang kana kasang tukang folklore nu aya di sabudereunana.

Tangtu masyarakat mere ngaran tempat the teu sagawayah. Tanwande aya alesanana boh sacara etimologis boh sacara ekologis, pon kitu deui sacara topografis.

Upamana, ngaran tempat nu make kecap ranca: Rancaekek, Rancacili, Rancabadak, Rancagoong, Rancabali jeung sajabana. Kecap ranca teh kaasup basa Sunda nu hartina tanah nu salawasna becek, caian, malah siga embel. Lamun ditincak the sok ngabelesek jero. Kecap ranca meh saharti jeung kecap rawa.

Naha cukup ku kitu ngahartikeunana? Horeng teu kitu. Da geuning rea pisan rambat kamelena. Kumaha pakuat pakaitna masalah model kieu upama disawang dina jihat toponimi? Nya ieu pisan jejer sawala bulanan Pusat Studi Sunda (PSS), nu diayakeun dina poe Juma’ah, 9 Mei 2008. nu jadi panyaturna nyaeta Dede Kosasih (DK) jeung Elin Syamsuri (ES), duanana staf pengajar di UPI (Universitas Pendidikan Indonesia).

b. Tilu Juru

Ceuk DK, pikeun mgaguar sasakala ngaran tempat the paling copelna kudu ngawengku tilu aspek: aspek fisikal, sosial jeung cultural.

Tumali kana aspek fisikal, geus kawentar yen urang Sunda mah kahirupannana raket pisan jeung alam di sabuderenana. Alamteh bagian tina dirina, kitu deui sabalikna alam ge kudu dimumule ku manusa. Demi fenomena alam teh bisa ngawengku unsure hidrologis, morfogeologis jeung biologis.

Lian ti eta aya dua pola nu maneuh tur raket sacara asosiatif, Biasana kocara matalikeun ngaran tempat jeung kaayaan alam tadi. Eta pola nu dua the nyaeta pola linier jeung pola barung (tina pola linier jeung sesebutan sejen jadi konsep ngaran).

Urang Sunda bisa disebut hydroic society, nyaeta masyarakat nu teu lepas tina cai. Ari kituna mah bisa kamaphum da gening tatar Sunda teh kawentar daerahna nu subur ma’mur curcor caina. Ku kituna loba pisan ngaran tempat nu mawa asosiasi kana cai kayaning Coblong, Ledeung, Parigi, Empang, Bendungan, Lengkong, jeung sajabana.

Ari unsur hidrologis dina pola barung katitenan tina ngaran rupaning tempat saperti Sawahkurung, Parakansaat, Rancaekek, Rancapurut, Solokanjeruk, Tambaksari, jeung sajabana.

Tumali kana unsur morfogeologis (dumasar kana kontur beunguet taneuh), dina pola linier, aya patempatan nu dingaranan Puncrut, Lebak, Legok, Lamping, Talun, jeung sajabana.

Demi nu tempat nu ngaranna make pola barung nyaeta Tajurhalang, Lemahnendeut, Bojongsoang, Legokhuni, Bojongkacor, Pasirjambu, jeung sajabana.

Unsur biologis biasana dicirian ku unsur flora (tutuwuhan) atawa fauna (sasatoan). Ngaran tempat nu aya unsur tutuwuhannana tur linier sifatna, upamana bae Kosambi, Caringin, Paseh, Kopo, Sentul, Katapang, jeung sajabana. Ari pola barung saperti Salammanjah, Kasomalang, Kiaracondong, Warudoyong, jeung sajabana.

Sedengkeun ngaran tempat nu aya patalina jeung unsur sasatoan tur linier sifatana, upamana bae Merak, Tomang, Sanca. Kitu deui nu pola barung nyaeta Rawabango, Rawabogo, Rancabadak, Lewigajah, jeung sajabana.

Ayena urang sawang dina jihad sosial. Contona mah tempat nu dingaranan Banceui, Deket Alun-alun Bandung. Kapan kecap Banceui teh secara etimologis mah hartina raket pisan jeung perkara kuda perkudaan (Kuda, Istal, jeung tempat nu ngurusna). Baheulana Banceui the tempat pangreureuhan kuda jeung tempat bagantina kuda dina mangsa jalan raya pos (Groot Postweg) kakara dijieun.

Conto sejenna Balugur. Eta ge teu lepas tina aspek sosial dina jaman pangaulaan baheula. Baluur the ceuk kamus Sunda Danadibrata mah tempat nu dihateupan pikeun nyimpen pare atawa beas benang ngumpulkeun keur sheulaanan. Sigana, eta beas atawa pare teu benang ngumpulkeun ti rahayat nu setor ka dalem atwa gegeden liana jaman harita.

Ngaran tempat sejen nu aya patalina jeung aspek sosial tur mawa asosiasi kana urusan patukangan, upamana bae Gosali, Pandai, Paledang, jeung sajabana.

Aya deui ngaran tempat nu aya patalina jeung leumbur: Babakan, Tarikolot, jeung sajabana. Nu aya patalina jeung ekonomi: Warungjambu, Warungpeti, Warungjengkol, Warungkondang. Nu aya pataluina jeung waktu: Heubeul-isuk, Windujanten, jeung sajabana.

Malah aya deui ngaran daerah nu mawa asosiasi kana dedengean, upamana bae Curugseah, Tayohna, pangna dingaranan kitu the pedah eta sora cai nu nyurug kadengena eah. Aya deui ngaran tempat nu mawa asosiaasi kana aambean, upamana bae Legokhangseur, Cihanyir, jeung sajabana.

Aya kalana ngaran tempat teu kakobet ku aspek fisikal jeung aspek sosialna. Lebah dieu, ngobetna the bisa dina aspek cultural. Upamana bae, di Cirebo, aya daerah nu ngaranna Palimana. Kapan eta the tina kecap Liman nu hartina gajah. Gajah jaman baheula, nya jaman karajaan dianggap sato nu jadi ciri kakawasaan jeung kasakten. Mawat gajah (minangka mitos) dipercaya minangka lambang kaagungan sarta kakuatan raja.

c. Ngaran Anyar

Najan meh sawanda dina jeung pedaran DK, pedaran ES mah leuwih nyoko kana ngaran anyar di juljol dina mangsa kiwari, utamana saenggeus jlugjleg kompleks perumahan nu dijieun ku para pengembang (real estate)

Ditandeskeun yen ngaran tempat kaayenakeun geus kurang merhatikeun ciri-ciri nu maneuh ciga baheula, malah aya kesan sakahayang. Kiwari mah mere ngaran the sarua praktis jeung simpel.

Saperkara, aya nu diorientasina kana kapentingan administrasi pemerintahan. Sasat diala gampangna mere ngaran the: ukur make selatan, timur, barat, tengah, jeung utara.

Kabiasaan model kieu dimimitian ku gubernur jenderal H.W.Daendels nu baheula ngabagi pulau Jawa jadi tilu wilayah administrative: Jawa Barat, Jawa TEngah, jeung Jawa Timur.

Ti harita di tarurutan. Upamana bae kiwari klapan intilah Bandung Barat the dijieun ngaran kabupaten. Naha teu bisa neangan ngaran sejen nu teu ngaharib-harib kana kecapa Bandung? Ameh teu kaciri teuing nyokot ngaran nu geus kawentar siga bandung we atuh. Naha teu disebut kabupaten Padalarang, upamana? Mun seug kitu, apan eta teh mere ngaran nu mandiri, teu siga nu kahieuman ku ngaran Bandung.

Lian ti kitu, aya deui kesan eksklusif. Dug deg lembur alanyar nu diwangun ku para pangembang (developer). Ngaran lembur anyar sok ditungtungan ku kecap Griya, Asri, Permai, Kencana, Estate, jeung sajabana, bari jeung loba nu teu ngaharib-harib kana kaayaan tempatna.

Geura we, ti mana jolna beut aya ngaran jalan dina widang astronomi, kayaning jalan Jupiter, Saturnus, Venus, jeung sajabana. Padahal di lebah dinya mah euweuh tapak nu ngaharib-harib kana widang astronomi. Sigana eta mah ku kreatifitas pengembang bari jeung teu didasaran ku pangawuruh ngenaan toponimi atawa teu maca alam lingkungannana.

Mere ngaran teh sasat ukur sakahayang ingsun. BAheula ngan sakadar boga jobong, atuh ganti-ganti ngaran ameh karasa tohaka, terus we make estate. Padahal kitu-kitu keneh.

Aya deui nu temali kana mode. Ngaran tempatna biasana mangrupa akronim atawa robahan sora. Upamana bae Budapes, minangka singgeutan tina bukit Dago Pakar East. Ciwalk asalna trina Cihampelas Walk: jeung sajabana. Ieu kacirina siga nu reueus ku lembur batur, pedah kawentar di dunya internasional tuluy weh diparake, ambeh nimbulkeun kesan modern najan bari jeung salah ge.

Malah aya ngaran tempat nu robah atawa lengit pisan balukar tina pamekaran daerah. Ngaran daerah nu leungit the upamana bae Parakanmuncang, Cigolendang, Korobokan, jeung sajabana. Leungitna the lantaran daerahna dihijikeun jeung daerah sejen, tur dibere ngaran anyar atawa nyokot ngaran nu dianggap lewih popular. Demi nu robah, misalna bae Genger Kalong, jadi Geger Kalong, Jeungjing Rijil, jadi Jingjing Rijil.

d. Kudu Ati-ati

Dina jirangan pertanyaan nu marilu sawala, aya nu nanyakeun ngaran Sukamiskin. Naha eta teh pedah urang dinya risep kana aayaan miskin?

Ceuk Ki Silah, Sukamiskinteh asalna tina basa Arab, nyaeta suq misk nu hartyina pasar seungit. Dingaranan kituteh, cenah, mimitinamah pedah aya ceramah agama nu nyabit-nyabit kana ngaran tempat.

Aya deuih konsep sejen pakait kana tritangtu: “Rama ngagurat lemah, Resi ngagurat cai, Ratu ngagurat batu.” Ieu teh cenah deuih, konsep toponimi jaman bihari. Sigana ieu nyengkrup jeung konsep hidrologi, morfogeologi nu tadi disabit-sabit.

Nu sidik, ka hareupnamah, para pangembang atawa gegeden nu boga kakawasaan kudu ati-ati dina mere ngaran patempatan. Kudu nyoko kana kaayaan tempat tur sajarahna. Peling copelna ulah gehgeran.

BAB II

TOPONIMI CIANJUR

Saparantosna diebrehkeun dina bab I, aya sababaraha jenis toponimi, aya toponimi nu gimasar kana hidrolis, morfogeologis, biologis, sosial, ngaran anyar, jeung sajabana. Di Cianjur loba kecamatannana, desana/kalurahanana, jeung kampungna. Kumargi seueur teuing anu kedah diguarna, maka simkuring ngan bade medarkeun ngaran-ngaran kacamatan anu aya di Cianjur bae.

Aya sababaraha ngaran kacamatan anu aya di Cianjur, anu gumasarna kana unsur hidrolis, morfogeologis, biologis, jeung sosial, di handap ieu saeutikna bade diguar ngenaan ngaran kacamatan anu aya di Cianjur, nyaeta sabagai berikut:

a. Ngaran Tempat dina Unsur Hidrolis

Ari tempat nu dicokot dina unsur hidrolismah nyaeta tempat anu biasana subur cai, atawa taneuhna rada lembab, atawa loba wahangan, empang atawa aya danau di sakitar eta tempat. Contona: Cianjur, Cibeber, Cibinong, Cilaku, Cikalongkulon, Cikadu, Cipanas jeung Ciranjang. Dina lobana ngaran nu disebutkeun urang guar salah sahijina, nyaeta Cikalongkulon. Ngaran Cikalonkulon mangrupakaeun hiji ngaran tempat nu make pola barung, nyeta cai, kalong, jeung kulon.

Di ngaranan Cikalong, nyaeta tempatna subur ku cai, ngan ari baheulanamah loba kalong, sabab daerah etamah masih loba keneh leuweung. Ditmbahan ku kecap kulon kusabab bisi patuker, pan ngaran Cikalong teh aya sababaraha hiji, nyaeta Cikalongkulon jeung Cikalong wetan.

b. Ngaran Tempat dina Unsur Morfogeologis

Ari ngaran tempat anu patali jeung bentuk beungeut taneuh (morfogeologis), contona: Bojong picung, Karang tengah, Pasir kuda. Urang guar wae salah sahijina, nyaeta Pasir kuda. Dingaranan Pasir kuda teh sabab tempatna saperti pasir atawa di pasir, tempatna leuwih luhur tibatan nu sejen, jadi dingaranan pasir. Make pola barung Pasir kuda nyaeta masyarakat didinya basa mere ngaran tempat the loba nu ngurus kuda.

c. Ngaran Tempat dina Unsur Biologis

Ngaran tempat anu patalina jeung tutuwuhan, nyaeta Campaka, Campaka mulya, Haurwangi, Kadupandak, Takokak, jeung sajabana. Urang guar bae salah sahijina, nyaeta Haurwangi. Haurwangi diwangun ku dua kecap yakni kecap haur (awi leutik warnana koneng), jeung kecap wangi (seungit), dibarungkeun weh jadi haurwangi nu hartina awi leutik anu warnana koneng sarta sengit.

Tapi dina aslina mah sanes berarti di tempat eta aya awi haur anu koneng jeung lamun diambeu seungit, tapi tempat eta terkenal ku awi haurna anu alus, sahingga ngaranana terkenal gara-gara haur anu kacida aralusna.

d. Ngaran Tempat dina Unsur Ekonomi

Ngaran tempat anu patalina jeung ekonomi nyaeta Sindangbarang jeung warungkondang. Urang guar wae salah sahijina nyaeta Sindangbarang. Lamun niali dina kaayaan tempatna, Sindangbarang mah deukeut pisan jeung laut. Kata Sindangbarang diwangun ku dua kecap, nyaeta kecap sindang jeung kecap barang. Sindangbarang mangrupakeun rarangken barung anu hartina tempat panitipan barang. Jadi haritamah Sindangbarang teh tempat panitipan barang satiap kapal parahu anu berlabuh di eta tempat.

e. Ngaran Tempat dina Unsur Sosial

nagaran anu patalina jeung sosial nyaeta Sukanagara, Sukaresmi, Sukaluyu, jeung sajabana. Urang guar bae salah sahijina, nyaeta Sukaluyu. Sukaluyu diwangung ku dua kecap yakni suka (risep, beuki), jeung kecap luyu atawa saluyu (sauyunan, gotong royong), digabungkeun jadi Sukaluyu anu hartina risep gotong royong. Jadi kunaon tempat eta dingaranan Sukaluyu, nyeta sabab masyarakat didinya risep gotong royong, silih bantu jeung sasama.

Jadi satiap ngaran tempat teh teu sagawayah, pasti ditiali hela dina unsur naon ngaran tempat teh, kaayaan tempatna saperti kumaha, jeung masyarakatna oge kumaha. Walaupun loba ngaran tempat anu katingalina asal, saperti jebrod, da pasti aya maksud tertentu kunaon tempat eta teah disebut jebrod.

Rabu, 02 Desember 2009